DaerahJawa Barat

Puisi Sekda Acep Jamhuri ‘ Hayang Mulang Tarima Kula Kasunda ‘

Kegiatan Pemberian Penghargaan Kepada Seniman Karawang

KARAWANG, JabarNet.com- Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Karawang membacakan puisi dihadapan para Seniman  pada pagelaran acara pemberian penghargaan kepada seniman Karawang.

Pemberian penghargaan bentuk apresiasi dari Pemkab Karawang kepada para seniman-seniman yang telah berkontribusi dalam menjaga budaya khususnya seni yang ada di Kabupaten Karawang, digelar di Resto Alam Sari, Kamis (15/12).

Adapun puisi yang dibacakan Sekda Acep Jamhuri dengan bahasa sunda berjudul ” HAYANG MULANG TARIMA KASUNDA ” sebagai berikut :

HAYANG MULANG TARIMA
KULA, KA SUNDA

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda

Tempat getih ngamuara
Tina sasungapan rasa
Ngamalir taya kendatna
Ti gumenclang tug sawawa
Malah dina mangsa nyawa
Paturay reujeung ragana

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda

Wiwincik jero kumelip
Nyeuseup asih rohmat Gusti
Najan nu remen kapanggih
Bet pagalo jeung kapeurih
Leumpang bari kumareumbing
Poék ampir satungkebing

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda

Pangancikan dipigandrung
Ti mangsa diéyong indung
Dijampé bari diambung
Sangkan hirup teu kapahung
Tapi ari nu kalarung
Diri mindeng kapidangdung

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda
Nu kiwari geus direcah
Gunungna teu matak betah
Walungan malidkeun budah
Leuweung jeung léngkob diranjah
Ku jalma anu garagah
Weweg modal rubak léngkah

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda
Sarakan kasapirakeun
Da bonganna bet cileureun
Gegedénna geugeumeueun
Lembur anggur ditandonkeun
Pagorényang deungeun-deungeun
Rahayatna heureut pakeun

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda
Nu ceuk cenah dongéng buhun
Atawa carita pantun
Kungsi nanjung lawas taun
Digjaya para karuhun
Ngan kiwari jadi kicup
Jati ku junti karungkup

Hayang mulang tarima kula, ka Sunda
Nu geus rurud titinggalna
Geus langka nu miroséa
Nya seug kula niat béla
Sanajan nu dipiboga
Kur satangtung saliara
Jauh ti rongkah rohaka

enya
hayang mulang tarima
kula, ka Sunda
ka Sunda
iklas tanpa ngarasula
sugan anak-incu jaga
nguniang gedé tanaga
hirup pinanggih huripna

Usai membacakan puisi, dikatakan Sekda, Pemkab Karawang ingin Seniman di asuransikan, Jaminan sosial, dan pembangunan  Insfrastruktur gedung kesenian yang bisa dijadikan tempat para senan berekpresi. (Wan)

Shares:

Related Posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *