DaerahJawa Barat

“Yeuh Aing Karawang”, Puisi yang Dibaca Sekda Acep Jamhuri untuk HUT Karawang ke-387


Karawang, JabarNet.com- Dalam pembukaan Upacara HUT Karawang ke-387 yang dilaksanakan Senin (14/9/2020) pagi di Halaman Plaza Pemda Karawang, Sekda H. Acep Jamhuri didapuk membacakan puisi “Yeuh Aing Karawang” karya salah satu seniman Karawang, Abah Sarjang.

Dengan semangat menyala, Sekda membacakan puisi tersebut dengan sangat ekspresif. Berikut ini video singkat dan lirik puisi “Yeuh Aing Karawang” puisi persembahan di hari jadi Kabupaten Karawang ke-387 tahun.

YEUH AING KARAWANG

Yeuh Aing, Karawang
Ti luhur sausap Sanggabuana
Ti handap salébér basisir kalér
Nu mentang tambang digjaya
Ti jaman Salakanagara

Kacutat na Serat Naléndra
Kapan kula nu mibanda Candi Jiwa
Mayakpak kuta-kuta ngamakuta
Pasanggrahan para wiku nu linuhung

Mangsa Pajajaran
Sri Baduga Maharaja kapanah rasana
Ku wanoja pulas emas Nay Kidang Kancana Ningrum
Nya di ieu taneuh inyana maheutkeun kadeudeuh

Yeuh Aing Karawang
Nu ngagoyang taméng bénténg kaum deungeun
Dtulis dina sajak nu napak leuwih ti lana
Unggal mangsa dibaca sanusantara
Peureup juang nyambung tarung
Leuwih hadé ngababatang
Tibatan ninggalkeun kalang

Yeuh Aing Karawang
Kiwari mangsana hudang
Ngawangun rasa jeung raga
Medar panji pangabaran
Seja tandang makalangan (Wan)

Shares:

Related Posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *